Walungan Cisarayu

Walungan Cisarayu

Walungan Cisarayu atawa Walungan Serayu nyaéta hiji walungan anu aya di lima kabupatén di Jawa Tengah, nyaéta Kabupatén Wonosobo, Banjarnegara, Purbalingga, Banyumas, jeung hilirna di Kabupatén Cilacap. Perenah girangna aya di Gunung Prahu, Pagunungan Diéng. Walungan ieu kaasup walungan anu lumayan lébar.[1][2]

Walungan Cisarayu ogé kungsi jadi wates wétan Karajaan Galuh. Hal éta anu ngabalukarkeun babaraha wewengkon di Jawa Tengah anu perenahna di kuloneun Cisarayu loba ditempatan ku urang Sunda sarta basa nu dipaké na gé basa Sunda, lain basa Jawa, saperti di Kacamatan Dayeuhluhur.

  1. Kali Serayu at Geonames.org (cc-by); Last updated 2013-06-04; Database dump downloaded 2015-11-27
  2. Rand McNally, The New International Atlas, 1993.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy